--> Skip to main content

Subang lumbung Padi Jawa Barat

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com –  REBO NYUNDA - Urang Sunda baheula boga kabiasaan neundeun paré di leuit, minangka sasadia'an dina nyanghareupan usum paceklik jeung keur kaperluan séjénna eta kabiasaan teh masih kénéh di paké ku Mang Yono tukang nulis di ieu blogg.

Taneuh anu subur ogé ngalantarankeun Provinsi Jawa Barat jadi leuit paré nasional. Tapi Mung saukur dongéngna ti nini aki. Ayeuna Leuit geus laleungit alatan hasil panén ti taun ka taun terus nyirorot siga heulang turun rék macok anak hayam, salian ti éta patanina mun réngsé panén téh sok langsung dijual waé ka bandar, pajar téh jeung meuli deungeun sangu.... Héhéhé. Posisisi Subang minangka leuit paré di Jawa Barat éstu kudu dipertahankeun ... Mun teu ku urang salaku rahayat Subang deuk kusaka dui coba ...

Potrét leuit paré uing
Potrét leuit paré uing

Sawatara waktu ka tukang, Presiden Joko Widodo méré intruksi ka sakabéh kapala daérah, sangkan ngahangkeutkeun deui swasembada pangan, anu ku pamaréntah baheula dijadikeun udagan dina Rencana Pembangunan Lima Tahun (Repelita).

Potrét paré hejo kénéh
Potrét paré héjo kénéh

Nyirorotna hasil panén panggédéna mah balukar tina alih pungsi lahan atawa robahna tataruangan urang lembur, tina dahar sangu robah jadi dahar Roti ... Héhé. Lahan anu tadina diéstukeun keur tatanén kiwari geus robah jadi bangunan pabrik, padumukan, toko, pasar, jeung jalan aspal. Cilakana, robahna tataruang tina pasawahan jadi industri téh teu dibarengan ku nyitak sawah anyar... Malahan nu aya di robah jadi taneuh darat. Salian ti kitu, nguranganana lahan tatanén teu dibarengan ku téhnologi pikeun “pengadaan” swasembada pangan boh di kabuapatén boh di provinsi.

Potré paré réngsé di arit
Potrét paré réngsé di arit
“Tapi ceuk simkirung, éh simkuring téhnologi dina tatanén ogé gumantung ka patanina. Upami SDM-na diantep teu dironjatkeun atawa di anak téré keun téhnologi téh janten percuma, komo deui di cékék ku harga amoh / pupuk anu nérékél naek. Ku margi kitu upami élmuna kawatés mah patani moal tiasa ngajalankeun téhnologi nu anyar.” Ceuk Uing éta oge, duka teuing atuh mun ceuk anu séjéna mah naha sapamadégan atawa béda ... Lain émbé jeung kuda... Héhé.

Potré ngagébot paré di sawah
Potrét ngagébot paré di sawah


Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments