--> Skip to main content

Cukang Awi

Sampurasun ... rampes.

MANGYONO.com - Cukang awi .... Wilujeng mapag REBO NYUNDA

Cukang teh salah sahiji sarana jalan darat nu bisa ngahubungkeun hiji wilayah jeung wilayah sejenna, beulah dieu ka beulah ditu. Cukang saenyana dijieun keur kaperluan darurat, dipakena sawatara waktu wae lantaran kakuatan bahanna teu pati tahan lila. Bahan keur nyieun cukang biasana diala ti sabudeureun lingkungan eta.

Bisa oge cukang teh diwangun tina kai urut sesa pangragajian atawa mangrupa awi golondongan kawas dina conto foto di handap. Di pilemburan sim kirung ... eh, simkuring, cukang model kitu mangrupa alat vital transportasi keur leumpang atawa ngagunakeun motor. Nepi ka ayeuna masih loba pisan cukang kawas kitu. Mun pareng ruksak, gampang pisan ngagantina, kari aya kadaek ti papada urang, ngan saukur direhab saeutik ku cara diganti awi golondongannana atawa ditambal ditambahan ku awi golondongan deui.

FOTO : Cukang awi di tegal sungsang
 FOTO : Cukang awi keur meuntas ti jalan raya ka sawah di tegal sungsang

Ari urang lembur mah tara pati loba ngangluh / humandeuar kana masalah nu kieu teh, dilakonan jeung dileukeunan wae bari pinuh kasabaran. Mun pareng cukangna barobo atawa parotong, tara loba polah, tara loba gaya, gedok gedok wae nuar awi ti sabudeureun eta tempat, atawa balik ti kebon teh bari mawa kai sesa pangragajian, tinggal ngaleunjeurkeun waeh ngaganti nu ruksak. Teu rea codeka, teu rea perkara, teu rea ceta. Ngamangpaatkeun sagalarupana tina kamurahan alam endah pilemburan. Paling mun perlu tanaga leuwih sok menta bantuan kanu daekeun... tapi teu susah neangan jalma nu daekeun, tinggal digeroan langsung nyampeurkeun tur mantuan, da ari ku sorangan mah kadangkala hese ngatur-ngaturna, atawa ngahaja ngabejaan atawa silih geroan ngarencana isuk pageto arek menerkeun cukang di Tegal atawa pilemburan anu wayahna bantuan.

Sabenerna cukang teh sarana transportasi sawatara waktu tapi kanyataanna jadi sarana transportasi sawataun waktu ... hehhehe, mangtaun-taun teu ganti-ganti. Hal ieu teh lain hartina euweuh usaha ti masyarakatna pikeun ngarobah ka nu leuwih permanen deui, ngan hiji masalahna, danana can manjing-manjing wae, atawa da kudu icikibung pamarentah.... hehehhe.


Kaasupna kana bagian infrastruktur pamarentah setempat, sigana kawajiban pamarentah pikeun ngawangun cukang supaya jadi jambatan permanen nu leuwih ngajamin rasa aman pikeun nu ngaliwatannana. Supaya masyarakat bisa meuntas ti hiji wilayah ka wilayah sejenna tanpa aya rasa keueung jeung waswas kana kasalametan dirina.


FOTO : Budak Banten di cukang awi
FOTO : Budak Banten di cukang awi cisimeut.

Mangga dibayangkeun kumaha leueurna cukang dina foto diluhur, di handapna cai badag ngagulidag neunggaran batu ngan saukur kahalangan ku kakayon wungkul nu jangkungna kirang langkung 3 meteran. Pas ngolesed dikudawet tijalikeuh ngagebruna teh moal kamana deui  ........ he he he ...... pasti kahandap disanggap cai dibantingkeun kana batu..... Amit - amit da.
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments