--> Skip to main content

Jawaban Latihan 2 Bahasa Sunda Pangajaran Kawih Pahlawan Toha

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com – Jawaban Latihan 2 Bahasa Sunda Pangajaran Kawih Pahlawan Toha

Dina rumpaka kawih Pahlawan Toha, loba kecap – kecap anu carang di pake  dina paguneman sapopoe. Didieu Mang deuk nulis hartina dina kamus , sarta larapna dina kalimat.

Ieu ku Mang Yono ditulis didieu kulantaran si Aa Gugum anu sakola di SMPN1 Pagaden Barat, kelas 8C aya PR latihan 2 Bahasa Sunda Pangajaran Kawih Pahlawan Toha ...

awaban Latihan 2 Bahasa Sunda Pangajaran Kawih Pahlawan Toha
 Jawaban Latihan 2 Bahasa Sunda Pangajaran Kawih Pahlawan Toha


Muhammad Toha

Getih suci nyiram bumi
Tulang sétra mulang lemah
Babakti sungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

Nyatana Muhammad Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi bukti gugurna pahlawan bangsa  

 


Dina rumpaka kawih Pahlawan Toha, loba kecap – kecap anu carang di pake  dina paguneman sapopoe diantarana. 



1. Sétra hartina beresih , suci, tempat suci, daérah médan perang

Larapna dina kalimah:
Néng Intan mah keur geulis téh putih ati sétra manah.

2. Lemah hartina taneuh tempat dijurukeun atawa nagara asal

Larapna dina kalimah:
Indonésia lemah cai kuring.

3. Cikal bugang hartina ; Cikal nu hirup/lanceukna nu pangheulana
dijurukeun, maot.

Larapna dina kalimah:
Bung Karno téh cikal bugangna bangsa Indonésia.

4. Patriot hartina ; Anu ngabélaan lemah cai atawa ngabélaan nagara

Larapna dina kalimah:
Kartini nyaéta hiji istri patriot bangsa Indonésia

5. Mangkak hartina kembang nu tadina kocop mekar/muka.

Larapna dina kalimah:
Kembang Sarangéngé keur meumeujeuhna mangkak,
mani éndah pisan.

6. Ligar hartina kembang nu geus muka, nepi ka kekebulna,
kukumisanana (gagang kekebul) di jero témbong; sawaréh
kembang ligar sok seungit jeung sok digembrong ku kukupu
atawa seungseureudan

Larapna dina kalimah:
Anggrek keur meujeuhna ligar, kacida éndahna.

7. Empang hartina balong atawa kulah anu gedé/lega

Larapna dina kalimah:
Mang Yono kamari ngabedahkeun émpang anu ditukangeun imahna.

Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments