--> Skip to main content

Sinden hayang boga salaki katukang macul

Sampurasun ... 

MANGYONO.com - Sinden hayang boga salaki katukang macul.

#ReboNyunda ... Aya Sinden hayang boga salaki ka tukang Macul. Hiji poe datang sudagar nanyaan, tapi teu ditampa, sabab waktu sasalaman jeung manehna karasa leungeunna lesang, jadi katangen yen lain tukang macul.

Sababaraha jelema nu nanyaan teu ditampa bae, da leungeunna teu karadak. Kadenge ku nu lolong, yen kitu rahasiahna eta Sinden, tuluy leungeunna dibalur ku ulen ketan, jung indit ka eta sinden.

Sinden hayang boga salaki katukang macul
   Sinden hayang boga salaki katukang macul


Datang-datang tuluy sasalaman, cek pikir sinden : 

"Ah keun bae lolong-lolong oge da leungeunna mah karadak, tangtu ieu tukang macul."


"Akang montong mulang deui, kuring hayang boga salaki jeung akang“. Ceuk Sinden.

Isukna eta salakina titah indit macul ka sawah, tengah poe eta sinden nganteuran.

Sudagar nu nanyaan pangheulana tea, teu ngeunaheun, panas hatena, tuluy nuturkeun ka sawah. Nu lolong teh diolo sarta dibere duit ku sudagar supaya mikeun pamajikanana jeung nyingkah ti desa eta. 

Ari sinden baralik jeung sudagar, sadatangna anakna cacarita ka bapana, nyaritakeun yen salakina jadi beunta henteu lolong.

“Alhamdulillah nyai, sukur..sukur..!“. Jawab bapana
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments