--> Skip to main content

PR biantara bahasa sunda Gugum, SMPN 1 Pagaden Barat, Subang

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com - #Bahasa Sunda - PR biantara bahasa sunda Gugum, SMPN 1 Pagaden Barat, Subang

Dihandap ieu aya tulisan PR biantara / pidato anak suring "Gugum" anu sakola di SMPN 1 Pagaden Barat, Subang. Teu sangaja suring mukaan bukuna pas pisan muka buku pangajaran bahasa sunda. Baca oge Kawih - kawih anu temana kapahlawanan

Cenahmah geus dikumpulkeun jeung di peunteun, da didinya aya tanda tangan / ditawisan ku Guru jeung nileyna .. A, ari peunteun A teh ceuk suring mah Alus, mun B, peunteun Buruk, lamun peunteun C, hartina Cekap... Sugan eta oge... Hehehe.

PR biantara bahasa sunda Gugum, SMPN 1 Pagaden Barat, Subang
 PR biantara bahasa sunda Gugum, SMPN 1 Pagaden Barat, Subang

Biantara bahasa sunda Gugum, SMPN 1 Pagaden Barat, Subang anu temana kasehatan lingkungan


Assalamualaikum Wr. Wb Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu, bapak Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas 8C nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu dipihormat. Dina ieu waktos, sim kuring bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup anu sehat kanggo urang sadayana. Luyu jeung hadis Rasulullah, kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalma nu iman, urang tangtuna moal ngalalaworakeun perkara ngajaga kabersihan linkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Para hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti sGugum Gumilang, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb

Baca oge nu liana:
Kasenian Jaipong asli kasenian pasundan, kasenian nu urang - ( Pury Emily ) 
Naon Bedana Supa Jeung Suung ?.
Babasan lalaki mah panjang lengkah, sedengkeun awewe mah pondok lengkah 
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments