--> Skip to main content

Perepet Jengkol Jajahean

Perepet Jengkol Jajahean.

ReboNyunda - Hayu urang maen perepet jengkol!. Ieu kaulinan di maenkeun ku paling saeutikna dua urang ku cara nyieun lingkaran bari suku katuhu atawa suku kenca dikaitkeun jeung baturna.

Perepet jengkol nya eta kawih kaulinan barudak lalaki atawa awewe tilu urang atawa leuwih, nyarekelan leungeun bari patukang-tukang sewang-sewangan, suku katuhu atawa kencana diangkat tuluy bitisna dianyamkeun atawa lamun cara tali mah ditalikeun sukuna kanu sejenna nepi ka pageuh jeung teu bisa lesot deui muringkel jiga anyaman samak. 

Perepet Jengkol Jajahean
 Perepet Jengkol Jajahean. Kaulinan Perepet Jengkol Facebooker Subang Kopdar di Jatimulya, Compreng


Tuluy sanggeus pageuh, leungeun barudak sewang-sewangan dileupaskeun tuluy laluncatan muter ka beulah kenca atawa ka beulah katuhu bari kekeprok nurutkeun wirahma lagu Perepet jengkol. Kitu satuluyna, biasana dilakukeun ku sababaraha kelompok boh tilu kelompok atawa opat kelompok salobana pikeun lomba atawa pasanggiri anu tangtu dina hal kaulinan barudak anu eleh biasana kudu turut ka nu meunang jeung dibere hukuman saluyu jeung pamenta nu meunang, lamun teu nurut biasana sok disurakan atawa digugurkeun tina kaulinan, ulah miluan deui nepi ka nurutna, biasana budak anu sok ambekan jeung pundungan nu tara nurut teh, tapi dina maenna mah sok aya wae nu pundungan teh ngan ari ngaran budak mah pundungna ge sok sakeudeung tara lila, asal ulin sok teu weleh akur deui.  
Kieu kawihna: 

"Perepet jengkol jajahean, kadempet kohkol jejeretean."
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments