--> Skip to main content

Naon Bedana Supa Jeung Suung ?.

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com - #Bahasa Sunda -Naon Bedana Supa Jeung Suung ?.

Supa jeung suung teh jadi dua kadaharan deungeun sangu anu kacida nikmatna reujeung alus pikeun kasehatan awak urang. Ngan ayeunamah teu gampang neanganana. 

Suung atawa supa biasana mah meunang neangan ti kebon atawa leuweung.  Nya bisa wae kudu ngahajakeun neangan. Supa biasana mah euweuh usumna, sedengkeun suung biasana mah aya usumna ... Biasana mun usum hujan suung teh jaradi.

Suung bulan campur jeung suung rampak
 Suung bulan campur jeung suung rampak


Naon bedana Supa jeung Suung?

Supa jeung suung bisa dibedakeun ... Utamana mah tempat jadina eta suung jeung supa. Lamun suung mah biasana jadina teh dina taneuh, sedengkeun supa jadina teh dina tatangkalan atawa tunggul anu geus paeh.

Supa teh loba jinisna diantarana: 
i. Supa saninten, 
ii. Supa lember,

 Foto iia - Supa lember / supa ceuli, kulantaran siga daun ceuli
 Foto iia - Supa lember / supa ceuli, kulantaran siga daun ceuli


iii. Supa lumar, jeung sejenna. 

Sedengkeun ari suung diantarana:
i. Suung tanduk, 
ii. Suung bulan,

Suung bulan
 Foto ii - Suung bulan diwadahan make ayakan

iii. Suung tangkal pare / jarami, 

Foto iii -Suung tangkal pare / jarami
 Foto iii -Suung tangkal pare / jarami

iv. Suung rampak ..... jeung suung sejenna.

Foto iv - Suung rampak, suung ieu jadina babarengan / rampak, jeung loba pisan
 Foto iv - Suung rampak, suung ieu jadina babarengan / rampak, jeung loba pisan

Salian ti eta aya deui jinis supa atawa suung anu teu bisa didahar nyaeta supa atawa suung weureu.
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments