--> Skip to main content

Cara nyieun jajangkungan jeung cara ngagunakeunana

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com – Jajangkungan, asal tinu kecap jangkung. Dina kaulinan anu ieu mah barudak atawa kolot anu ngulinkeunana atawa ngagunakeunana téh jadi jangkung da nangtungna téh bari naék kanu hambalan / titincakan tihang awi.

Ari jangkungna éta tihang mah taya ukuran anu tangtu. Kitu deui jeung jangkungna titincakan teu aya patokan anu musti di pake angger - angger, taya katangtuan anu pasti. Umumna, jangkungna tihang jajangkungan téh, kira-kira satangtungeun budak anu makena ditambah ku jangkungna titincakan éta jajangkungan.

FOTO : Maen Jajangkungan. Na foto ieu lain budak nu keur maen jajangkungan, tapi Teh Yuli Merdekawati, Lurah Cigadung, Subang ... Heheh.
 FOTO : Maen Jajangkungan. Na foto ieu lain budak nu keur maen jajangkungan, tapi Teh Yuli Merdekawati, Lurah Cigadung, Subang ... Heheh.

Dina nyieun jajangkungan, bahan anu digunakeun ngan ukur awi. Awi anu biasa dipaké mah nyaéta awi talii atawa awi ater, tara aya anu ngagunakeun awi bitung atawa awi gombong, komo deui awi tamiang mah ... Heheh. Meureun alesana ngagunakeun awi tali teh da awi tali mah gampang néanganana jeung ukuran gedena pas.

Ari ukuran awi gedéna, biasana mah awi saukuran pigeulang leungeun budak ogé kuat pikeun dipaké ku barudak mah, asal awina anu kolot. Sedengkeun ukuran gedéna titincakan mah leuwih gedé tibatan tihangna. Gedéna téh sakurang-kurangna awi pikeun pitihangeunana téh bisa asup kana jero awi anu bakal dijieun titincakanana.

Sedengkeun pakarang anu di gunakeun mah paling ogé bedog, ragaji pikeun neukteuk awina. Tapi pikeun anu geus biasa ngadéngdéng (neukteuk leunjeuran awi sina rata tungtungna) awi mah, teu kudu make ragaji. Ku bedog ogé cukup., terus peso raut pikeun ngabolongan awi jeung titincakan

Bagéan kahijina nyaéta tihang 
Tihangna nyieun dua, anu ukuranana mah bisa satangtung budak ditambah ku satuur lamun jangkungna titincakan kurang ti satuur. Terus nyieun liang pikeun ngasupkeun paseuk kana éta tihang. Lebah-lebahna éta liang téh sakumaha jangkungna titincakan, da paseuk ieu mah pikeun pamageuh titincakan kana tihang.

Kadua titincakan 
Titincakan téh panjangna kira-kira dua kalieun panjang dampal suku budak. Ieu téh supaya dina nincakna henteu pondok teuing atawa néwél. Nyieun titincakan ieu téh alusna mah ngarah kana buku awi, supaya kuat dina ngaliangan jeung maseuk éta titincakan kana tihangna. Sanggeus diteukteuk, terus waé dibolongan atawa nyieun liang dina awi éta di lebah deukeuteun bubukuna. Terus eta liang titincakan di asupkeun kanu tihang ti congo

Katiluna paseuk 
Paseuk atawa bisa oge ngagunakeun paku jeung ngahijikeun atawa mageuhkeun titincakan kanu tihang.



Untuk postingan bahasa Indonesia silahkan kunjugi postingan yang berjudul Permainan Egrang Atau Jajangkungan

Baca juga :
Gasing / Gangsing / Panggal adalah permainan Nusantara, Indonesia
Permainan Egrang Atau Jajangkungan
Permainan Tradisional Gatrik
Permainan Engklek Atau Emprak 
Permainan Kelereng Permainan Yang Terlupakan
Permainan Perepet Jengkol
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments