--> Skip to main content

Kawih - kawih anu temana kapahlawanan

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com – Kawih - kawih anu temana kapahlawanan 

Ieu tulisan teh kulantaran budak amang anu sakola di SMP aya PR bahasa Sunda, anu soalna titah nulis 4 Kawih anu temana kapahlawanan...  

Nah, dihandap aya opat kawih anu temana kapahlawanan, diantarana

  • Karatagan pahlawan,  
  • Pahlawan toha,  
  • Karatagan pamuda indonesia,  
  • Bulan langlayangan peuting
Gugum keur nulis kawih - kawih anu temana kapahlawanan
 Gugum keur nulis kawih - kawih anu temana kapahlawanan 


1. Karatagan Pahlawan
 

Teu honcewang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa


2.  Pahlawan Toha.
(Baca di Jawaban Latihan 2 Bahasa Sunda Pangajaran Kawih Pahlawan Toha


3.  Karatagan Pamuda Indonesia

Rempug cukung pamuda Indonesia
Tingkahna waspada ariatna
Raksa jaring raga sukma
Kukuh pengkuh kuat nahan cocoba

Lemah cai merdekana abadi
Urang kabeh kagiliran
Teguh nempuh perjuangan rakyat Indonesia
Ngajunjung darajat bangsa 





4.  Bulan Langlayangan Peuting
 

Bulan teh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh, masing percaya.

Bedil geus dipeloran
granat geus disorendang
ieu kuring arek miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat parentah.


*Dicutat tina buku pangajaran bahasa sunda SMP
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments