--> Skip to main content

Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha

Sampurasun ...

Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha

MANGYONO.com - Paribasa Nu asih dipulang sengit  ngandung harti Kahadean dibales Ku kagorengan. Mun ceuk bahasa Indonesia na mah Kebaikan dibalas dengan kejahatan, Air susu dibalas air tuba.

Paribasa nyaeta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh entep seureuhna, geus puguh surupannana geus puguh  pokpokannana. Paribasa umumna ngandung harti anu leuwih jero, aya anu eusina pangjurung laku jeung aya oge anu mangrupa pieunteungeun.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha

Paribasa Nu asih dipulang sengit kaalaman ku sim Uink ayeuna ... Niat sim uink mah nulungan dulur sorangan, ari pek teh geus sababaraha kali ditulungan kalah ngajak pasea megatkeun duduluran, kilangbara atuh nganuhunkeun mah, ieu mah kalah deuk "Neukteuk curuk dina pingping = nyilakakeun dulur sorangan". 

Nya ti sesemet ayeunamah sim Uink mun deuk nulungan teh kudu taliti heula, sieun kaalaman deui kajadian kamari. Naha, sim Uink butuh kuripuh, niat deuk nulungan kalah nu ditulungana deuk ngegel, kalah siga "Nulungan anjing kadempet = Nulungan jalma nu teu boga pisan rasa tumarima" Padahal kahayang sim Uink mah jeung dulur teh kudu Paheuyeuk heuyeuk leungeun = Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.

Tapi aya untungna oge keur sim Uink, nya timimiti ayeuna mah moal pusing, moal ngaladenan, moal mere nginjeumkeun deui kanu kitu mah... Hayang nginjeum embung mayar, ditagih malah nyorongot... Ah, sabodo teuing :)


Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments