--> Skip to main content

Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-4 (Tamat)

Sampurasun ...

Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-4 (Tamat)

MANGYONO.com - Wayang Golek Cerita Dewi Nila Ningrum ki Dalang Asep Sunandar Sunarya, Giri harja 3, Bandung, Jawa Barat, Indonesia.

Ditempat sejenna Semar kalayan Astrajingga rejeung Dewala parantos dugi ka Pertapan Banyu Kancana, mung aya gangguan di haling-halang ku jin pangganggu, kusabab kitu Semar ngamuk kacida. 

Didinya kajadian perang antara Astrajingga, Dewala kalayan Jin. Dina eta perang Astrajingga jeung Dewala teh eleh dialungkeun ka angkasa. Di sejen tempat Prabu Yudistira ti nagara Amarta baris ka Pertapan Banyu Kancana, nanging kadangu ku saunter Astrajingga kalayan Dewala, jol wae Yudistira nulungan Astrajingga kalayan Dewala. 

Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-4
 Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-4



Astrajingga?”,tembalna “si Astrajingga nyaeta perang rejeung sabangsa Jin nu baris ngalamar Dewi Nila Ningrum, lajeung nanyakeun deui tujuan nganteur tuang rama baris ngalamar Dewi Nila Ningrum”. Nya Prabu Yudistira ngeujateun bari pokna, “Naha geus kolot hayang kawin deui.”

Prabu Yudistira teh jol langsung ka Nagara Pertapan Banyu Kancana, maksud baris nulungan ka eta Dewi Nila Ningrum, di hiji tempat Prabu Yudistira ngelehkeun kabeh sabangsa Jin, rejeung patepung Semar kalayan Dewi Nila Ningrum. Di dinya teh Yudistira ngajentrekeun lantaran anjeuna baris ngalamar Dewi Nila Ningrum, mung Dewi Nila Ningrum, kahoyongna ka sarupaning manusa, nya didinya oge Semar ilibiung ngajentrekeun ka sakabehna ku kituna Dewi Nila Ningrum luluh ka Semar.

Di tempat nu lain, Pandita Permana Sidik perang jeung Aswatama, Pandita teh langsung nyerahkeun ka Semar nu parantos tiasa katarima lamaranna ku Dewi Nila Ningrum, lantaran Semar bisa ngelehkeun Aswatama jeung Prabu Durgala Pati.


Pamungkas Semar teh nyampe katujuanana, nyaeta nyalametkeun Dewi Nila Ningrum, nusabenerna nyaeta Pusaka Layang Jamus Kalimusada perlambang Agung ti Nagara Amarta.

Sangkan jelentre tur jelas mangga tingali Vidiona DIDIEU atawa di handap ieu


youtube image


Baca juga :
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments