--> Skip to main content

Pribahasa, babasan, paribasa sunda jeung artina A - C

Sampurasun .... Rampes.

MANGYONO.com - REBO NYUNDA. Dina kahirupan sapopoe urang Sunda, papatah kolot anu sok mindeng di ucapkeun dinu kahirupan make pribahasa, babasan, paribasa sunda . 

Diantarana paribahasa sunda anu sok mindeng di ucapkeun di handap ku admin bade diserat paribahasa sunda ditulis ku aksara kandel, jeung artina di tulis ku aksara miring Pribahasa, babasan, paribasa sunda jeung artina ti mimiti huruf A nepi ka huruf C. Pribahasa, babasan, paribasa sunda dihandap teu acan lengkep, mangga dilengkepan di kotak komentar :


  
A). Tinu huruf A
Aya jalan komo meuntas
Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang, eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.   
Aya nu dianjing cai
Aya nu diarep-arep atawa digeroan.
Akal koja 
Akalna pinter tinu kajahatan.

B). Tinu huruf B
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan
Beak karep ku rido jeung beresih hate.
Belang bayah gindi pikir
Boga pikiran goreng ka papada jalmi.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat birit
Hese jeung susah dititah, ngedul.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana
Pohara narimakeunana kana pitulung.
Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus
Hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Biwir nyiru rombengeun
Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur, Resep ngucah ngaceh rasiah
Bluk nyuuh blak nangkarak
Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Budi santri, legeg lebe,
Laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
Buluan belut, jangjangan oray
Pamohalan kajadian.
Buntut kasiran
Koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang
Ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati
Hade goreng ge dulur urang anu wajib dihampura, ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.

C). Tinu huruf C
Caang bulan dadamaran
Migawe nu kurang mangpaat.
Cangkir emas eusi delan
Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat matak nyilakakeun urang
Cara bueuk meunang mabuk
Ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Cara gaang katincak
Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok
Carekcok bae, mani gandeng naker.
Cecendet mande kiara
Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceuli lentaheun
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok
Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa, najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa.
Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa
Beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih clak herang
Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk. 

Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments