--> Skip to main content

Masak Nasi di Tungku Hawu

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com –  Rebo Nyunda euuuuy. Dihaturanan Calik Kasadayana Warga katut kulawarga, nu jauhna nu cakeutna, mitra pamiarsa, baraya miwah tatangga nu aya di sa’alam jagat online, sumangga dihaturanan calik sareng leleson dina ieu Blog Mang Yono, mangga urang  SiDuru Sasarengan sareng simkuring.

Ayeuna mah arang kadéngé tah kecap mirun seuneu atawa siduru téh. Mirun seuneu hartina ngahurungkeun seuneu dina hawu atawa ngasakan dina hawu. Hawu téh kurang leuwih sarua jeung tungku, dijieunna tina taneuh porang (taneuh liat), mun ayeunamah geus aya nu make semen tahan api anu arana semen Castable . Baheula mah sok aya nu dagang hawu ditatanggung, ngider ka ditu ka dieu. Kacipta capéna, mangkaning beurat éta téh. Mun ayeunamah sok make motor atawa sapedah ontel.

FOTO : Mirun Seuneu jeung siduru di hawu bari ngopi ( ngolotkeun pikiran )
FOTO : Mirun Seuneu jeung siduru di hawu bari ngopi ( ngolotkeun pikiran )

Mirun seuneu di hawu lain maké minyak tanah tapi maké suluh, bisa kai, bisa awi, atawa naon baé nu bisa diduruk jadi hurung tur ruhay. Tangtu baé kudu nu garing, ngarah babari ngahurungkeunana. Lamun nu can garing mah pasti hésé hurung sabab henteu senget, dina hurungna gé tara lila jeung kalahka mulek ku haseup muput nu keur siduru hareupeun hawu... Hehehe. Mun seuneu rek pareum, biasana ditiupan make songsong, nyaeta solobong nu dijieun tina awi leutik, gedéna kurang leuwih dua atawa tilu ramo, panjangna kira-kira 30 sénti

FOTO : Siduru, sideang dampal leungeun bari nungguan sangu asak hehehe
FOTO : Siduru, sideang dampal leungeun bari nungguan sangu asak hehehe
Ku sabab bahan bakarna suluh, nepi ka baheula mah aya istilah ngala suluh atawa ngororotek. Barudak biasana sok mantuan kolot ngala suluh ka leuweung. Sanggeus ngumpul terus dihurun (dihijikeun ku jalan dibeungkeut maké tali) terus ditanggung (mun aya dua hurun) atawa dipanggul mun ukur sahurun mah. Barudak awéwé mah biasana mawana téh lain dipanggul tapi disuhun dina sirah, atawa diais make karembong.

 FOTO : Siduru hareupeun hawu bari ngadahar bubuy sampeu.
 FOTO : Siduru hareupeun hawu bari ngadahar bubuy sampeu.

Mirun seuneu biasana dua kali sapoé, isuk-isuk jeung pasosoré, disaluyukeun jeung waktu dahar. Dahar di kalangan somah mah memang ngan ukur dua kali sapoé. Nu tilu kali mah biasana ngan ménak wungkul. Mun hayang barangdahar diantara waktu dahar anu geus matok, biasana cukup ku ngadahar beubeutian saperti kulub sampeu, taleus, hui boléd, suuk, jeung séjén-séjénna deui. Kumaha ari ngahurungkeun seuneu di hawu? Kayu api atawa korék api jaman baheula kacida dirit-iritna. Mun rék ngahurungkeun seuneu biasana sok néang tatangga nu geus hurung hawuna bari mawa cempor. Tah cempor ieu nu dihurungkeun, terus dibawa ka imah, kakara ngahurungkeun hawu. Nya tina kabiasaan ieu pisan nu matak aya istilah ménta seuneu.

FOTO : Hawu anu dijieuna tinu semen tahan seuneu ( Castable )
FOTO : Hawu anu dijieuna tinu semen tahan seuneu ( Castable )

Barangasakan nu utama ngan nyangu wungkul. Gurang-goréng biasana arang pisan, mimindengna mah kukuluban, sabab minyak goréng atawa minyak keletik kaasup barang méwah di pikampungan mah. Lauk asin, minangka deungeun sangu 'paporit', sok cukup ku dibeuleum (dikurusukkeun kana ruhak) atawa disangray baé lamun laukna laleutik samodel teri mah. Tarasi sambeleun ogé biasana cukup ku dibeuleum, terus diteundeun dina catang hawu. Lian ti dipaké ngasakan, hawu oge ngabogaan fungsi séjén nyaéta pikeun siduru (ngahaneutan awak, basa lemesna: sidéang) dina mangsa usum tiris, utamana isuk-isuk. Jadi bari ngasakan, sakalian siduru. Dwifungsi hawu ... Hehehe

Kaistiméwaan make hawu, hasil pasakanana leuwih ngeunah jeung teu bau minyak. Ngan hanjakal haseupna loba pisan, nepi ka matak harideung kana bilik imah. Nu matak baheula mah tara aya dapur anu bodas beresih.  Lolobana mah malah tara dikapur-kapur acan, sabab percumah, engke oge pasti harideung kapuput haseup.

Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments