--> Skip to main content

Ngala cai keur nyiram pelak pare di sawah Tegalsungsang.

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com - Ngala cai keur nyiram pelak pare di sawah 

Tanggul leuwinangka, Dangdeur, Subang nu can rengse - rengse. Cai mingkin saeutik.... Aya cai parebut... Paheula - heula... Caina teu bisa nyumponan hanaangna para panyawah nu sawah garapanana mimiti garing. Mang Udin ngagedig manggul pacul kagirangkeun, bari kukulutus.  

Ngala cai keur nyiram pelak pare di sawah Tegalsungsang.
 Ngala cai keur nyiram pelak pare di sawah Tegalsungsang.


"Kurang ajar saha wewelekna mani harianeun. Ieu solokan nepi ka saat kieu." 

Barang srog kana tanggul. Ngan jekuk-jekuk we taneuh nu mendet solokan teh dipaculan..... Golontor..... Geus kitu manehna lujag-lejeg, luak lieuk sugan aya nu boga dosana didinya.

Keur kitu ti handapeun tangkal awi aya nu ngajurungkunung nangtung. 

"Tah silaing geuning nu hawek kana cai teh." 

Mang Lili nyampeurkeun bari ngagilirkeun perah bedog nu disoren. Mang Udin rada ngarenghog.

"Eeh puguh sia nu teu boga rasa adeuh mah. Cai mani dibeakkeun ku sorangan." 
.
"Yeuh, Lili, aing mah karek poe ieu menerkeun cai teh. Ari sia mani unggal usik. Cik agehan atuh batur, ulah hayang nyiram sawah sorangan wae." 

Mang Lili nyampeurkeun rek ngajeuwang kampret mang Udin.

"Hey, hey... geus...geus tong parasea."

Mang Ulim ulu-ulu desa nyerenteng nengahan nu rek parasea. 

"Tuman Mang, hawek tuda si Udin mah." 

Mang Lili satekah polah nahan amarahna. 

"Heu'euh geus, ayeuna mah kudu akur, ke ku amang urang atur. Kamari mah amangna ngaringkuk meunang dua minggu." 

Ceuk mang Ulim leuleuy nembongkeun kakolotanana.
Carita di luhur teh sok mindeng kajadian kusabab cai solokan anu sumberna ti tanggul leuwi nangka, Dangdeur caina teu bisa nyumponan pikeun nyawah... Parebut... Paheula - heula....
 

Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments