--> Skip to main content

Ucapan selamat idul Fitri bahasa Sunda

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com -   Rebo nyunda. Bilih aya dulur boh wargi nu meryogikeun seratan atanami kata – kata Boboran Shiam dina Bahasa Sunda , sim kuring seja posting Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda

Kanu peryogi mangga di copy , sareng bilih bade nyobi nambihan koleksi , mangga diantos pisan pedar bae di kolom komentar ulah disimpen dina ati sanu bari, langkung sae di bagi-bagi ka wargi urang.

 FOTO : Mang Yono. Ucapan selamat idul Fitri bahasa Sunda

Mangga nyanggakeun Koleksi kata – kata atanapi SMS Lebaran Idul Fitri Bahasa Sunda mugi katampi.
   
1. Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura , Wilujeung boboran shiam 1436 H

2. Wening galih nu dipamrih , Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1436H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan

3. Bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun wilujeung Boboran Shiam 1436 H

4. Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam.  
 
5. Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1436 H ku kabungahan tur kaikhlasan.

6. Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam 1 Syawal 1436 H” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

Mung sakitu ti simkuring... Sakali deui bilih aya nu bade nambihan Koleksi ucapan Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda.. mangga diantos.. di kotak komentar

Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments