--> Skip to main content

Gatrik kaulinan barudak sunda di Subang

Sampurasun ... Rampes.

MANGYONO.com - Gatrik kaulinan barudak sunda.

Gatrik mangrupa kaulinan tradisional barudak Sunda. Dina mangsana kungsi jadi kaulinan anu populer di kalangan barudak tatar pasundan. Gatrik nyaeta kaulinan anu dimaenkeun ku dua grup. 

Kaulinan gatrik ngagunakeun pakakas ti dua potongan awi atawa potongan dahan kai anu leutik anu hiji nyarupaan iteuk ukuranana kira-kira 50 cm jeung anu hiji deui ukuranana leuwih pondok kira - kira sajeungkal budak atawa 10 cm. Kaulinan gatrik biasana dimaenkeun di lapang atawa tegalan. Jumlah pamaen saloba 2 tim, unggal tim diwangun ti 2-5 budak. Kaulinan ieu diwangun ti tim paneunggeul sarta tim nu newak. Biasana dipake batu (bata) minangka dadasar gatrik atawa barang sejen anu bisa dipake minangka dadasar gatrik. Saperti foto di handap....
Gatrik kaulinan barudak sunda
Gatrik kaulinan barudak sunda. Gatrik ngagunakeun pakakas bantu mangrupa 2 potongan awi atawa kai, potongan panjang minangka paneunggeul sapanjang kurang leuwih 50 cm sarta potongan pondok sapanjang 10 cm.


Nah, pikeun nangtukeun tim anu leuwih tiheula neunggeul gatrik, biasana dilakukeun suit, atawa gatrik dialungkeun kanu batu dadasar ... anu gatrik pang deukeutna kanu batu, eta tim pangheulana maen/ neunggeul.

Babak anu kahiji..... Tim paneunggeul nyilangkeun gatrik pondok di luhur batu sarta siap disodok terus di alungkeun ku gatrik panjang kucara nyungkal. Tim nu newak baris ngajaga aclengan / ngapungna gatrik pondok, lamun eta gatrik pondok katewak nya  tim anu newak gantian jadi tim paneunggeul. Lamun henteu bisa newak, masih aya hiji kasempetan deui kalawan ngalungkeun gatrik pondok ka gatrik panjang. Lamun beunang, tim nu newak baris tukeur tempati jadi tim paneunggeul. Lamun henteu ngeunaan gatrik panjang, mangka urang asup babak kadua.

Babak anu kadua ......... Gatrik panjang sarta pondok dicekel ku leungeun tuluy gatrik pondok ditakol satarikna ku gatrik panjang. Lamun katewak, tim nu ngajaga meunang miboga kasempetan pikeun jadi tim paneunggeul. Lamun henteu, tim nu ngajaga ngalungkeun gatrik pondok ngadeukeutan batu dadasar. Nah, jarak ti gatrik kanu dasar batu terus dijeungkal... eta kaasup peunteun.

Babak Pamungkas .... Tim paneunggeul maenkeun gatrik takol lele, nunda gatrik pondok anu posisina nyanggeyeng kanu batu. Terus tim paneunggeul nakol bagian tungtung nepi ka ngacleng ka luhur, tuluy sagancangna ditakol leuwih tarik deui ka hareup. Tim nu newak tetep ngabogaan tugas newak gatrik pondok. Lamun henteu katewak, tim paneunggeul baris neruskeun kaulinan kalawan nakol tungtung gatrik anu pondok gatrik pondok di luhur taneuh ... Kawas nakol bal golf tapi bari suku egang. Dina nakol gatrik pondok, dilakukeun sacara estafet (lamun pamaén ke-1 gagal nakol, digantian pamaén ke-2, jeung saterusna.). Jarak anu diukur nyaeta jarak gatrik pondok kanu batu dasar eta nangtukeun kameunang tim. Tim anu meunang biasana baris dihadiahan ku tim anu eleh kalawan digandong numutkeun jarak jauhna gatrik pondok anu ditakol.... Hehehe.

Kaulinan ieu merlukeun kalincahan sarta karikatan. Pamaen kudu ati-ati waktu maenkeunana alatan beuki gancang gatrik luncat, tim nu newak kudu tapis pikeun ngahidar bisi gatrik ponok ngabentar kanu cukang irung.... Hehehe. Tapi cara kaulinan / paraturan ulin gatrik ieu di saban wewengkon bisa beda... Eta anu ditulis ku simkirung... Eh, simkuring mangrupa cara anu dilakukeun di wewengkon lembur simkuring di Subang...

Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments