--> Skip to main content

Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-1

Sampurasun ...

Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-1

MANGYONO.com - Wayang Golek Cerita Dewi Nila Ningrum ki Dalang Asep Sunandar Sunarya, Giri harja 3, Bandung, Jawa Barat, Indonesia.

Kacarios di Nagara Amarta diwewengkon madukara dipakampunganana, kampung nyingkur sisi gunung, hejo lemoh dandaunan rajegna tutuwuhan cur-cor caina nu harerang marga satwa disarada manuk gede manuk leutik pasiliweur. Tawis nagara subur, makmur, gemah ripah loh jinawe aman santosa kertaraharja. Sepi paling towang rampog nu digawe sing pehate kaum diburuhan teu ripuh karyawan sumi sarengna.

Wateg wangkoh saraja nagara raja ardilpra marta nyeta Prabu Yudistira, sekeseler barata nyaeta putrana Pandu Dewa Nataswargi, Semar lurah putra pawangna salaku sesepuh ieu pakampungan tumaritis ngahaja ngahaturanan linggih Astrajingga lan Dewala.

 Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-1
  Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-1

Dikampung Tumaritis Desa Kena Gorowong, hiji sepuh nu parantos kasihpuhnu pikaweruh nyaeta kakasih kisahna pralon atanapi Semar Bandranaya ngahaturanan Linggih ka Astrajingga Lan Dewala, kiwari aya parantos nu ditepikeun ku Semar Bandranaya, ngantos kana dawuh semar Bandranaya nya kitu kaayaan. 

“Tageuning, Ha..ha..ha…ha.. ha.. ha, Anaking Astrajingga jeung Dewala payus di piagul reureu'eus napi nuhun kanu pambage sepuh”
 

“Aya naon pikersaen naon ieu teh?” Saur Astrajingga jeung Dewala
 

“Heu'euh syukur, jang kieu saperkara dewek teh sono, kaduana ti eta memang anu bade ditepikeun anu baris dipandungdeungkeun”. Saur Semar
 

“ Ngeunaan?” Saur Astrajingga
 

“Dewek teh hayang boga pamajikan deui, kulantaran diridhoan ku indung silaing nyaeta sareng Dewi Nila Ningrum ti nagara Pertapan Banyu Karsana” saur Semar.

Si Astrajingga teh ngawarah bapana nyaeta Semar lantaran kudu ngahormatan si ema, ngelingkeun bapana. Semar Bandranaya teh keukeuh peuteukeuh rek ngalamar Dewi Nila Ningrum indit ka Pertapan Banyu Kancana, Semar dituturkeun ku Astrajingga rejeung Dewala nu niat rek ngalamar Dewi Nila Ningrum ka Pertapan Banyu Kancana nu kiwari jadi inceran para jajaka.

Kumargi anu kageulisanana, taya hiji lalaki nu teu katarik ku Dewi Nila Ningrum, Para nonoman nu kaedanan ku kageulisan ieu sang Putri, atuh pabeja-bejaannana nu parantos kageulisan putri teh katarik, kataji, kapati-pati nyaeta beja di partepan teh aya malati sanajan bangbara meran hiji bangbara nu henteu tiasa menangkeun ieu malati nu aya di Pertapan.

Aswatama putrana Dorna, nu kaedanan ku Dewi Nila Ningrum, lajeung wae nu bade ngalamar, atuh ma`lum hiji guru kurawa pandawa, kiwari nu bade ngalamar ka Dewi Nila Ningrum.

Aswatama jeung Pandita Dorna kalayan sarereana ngumpul mumpulung, yen kumaha carana bisa ngalamar ka eta Dewi Nila Ningrum, kusabab kitu, Aswatama geuwat ka Pertapan Banyu Kancana. 


Tah sangkan jelentre.. Dihandap aya vidiona Wayang Golek DEWI NILA NINGRUM Bagian Ke-1 atawa DIDIEU


youtube image

Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar
Comments
0 Comments